MATERI LAPORAN KAGIATAN BASA SUNDA
Assalamualaikum wr.wb
Terima kasih sudah berkunjung di blog ini.
Selamat datang di blog https://daftarilmu7.blogspot.com/ dengan MATERI LAPORAN KAGIATAN BASA SUNDA, perkenalkan blog ini berisi materi pelajaran bahasa Indonesia dan basa Sunda untuk jenjang SMP dan SMA, dan di blog ini juga tidak hanya menyediakan materi saja melainkan ada audio-visual sehingga memudahkan para pengunjung dalam hal belajar dan mencari wawasan tentang bahasa Indonesia dan basa Sunda.
Kalian bisa berkomentar jika ada pertanyaan seputar materi pembelajaran bahasa Indonesia dan basa Sunda yang kurang dipahami. Silahkan jangan ragu untuk mengisi kolom komentar, nanti admin jawab satu persatu.
Semoga adanya blog ini dapat membantu kalian semua.
Selamat belajar...
A. PERKARA LAPORAN KAGIATAN
Laporan kagiatan eusina mangrupa sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung. Infromasi anu diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser lumangsungna eta kagiatan, waragad, bangbulah atawa rereged, jeung pasualan-pasualan tehnis. Ari wangun laporan kagiatan teh kudu formal sarta biasana dijieu ku organisasi atawa lembaga. Di jerona kudu ngamuat informasi jeung pakta anu bisa dipertanggungjawabkeun bener henteuna.
Laporan téh mangrupa hasil atawa naon-naon anu dilaporkeun. Kagiatan nepikeun laporan disebut ngalaporkeun, ari kagiatan nyusunna disebut nyusun laporan. Laporan kagiatan nya éta tulisan atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun. Kagiatanana bisa mangrupa kagiatan lalampahan, kagiatan maca, nongton jrrd.
B. SAWATARA HAL ANU KUDU AYA DINA LAPORAN KAGIATAN
1. Bubuka
Eusina panganter pikeun mawa anu maca kana pasualan anu rek dilaporkeun. Dina ieu bagean diterangkeun naon-naon wae anu jadi marga lantaran diayakeunana dina hiji kagiatan, katut rasa sukur yen jeung rengse ngalaksanakeun kagiatan.
Contona :
2. Waktu Jeung Tempat kajadian
Hal ieu perlu aya dina laporan sangkan puguh iraha jeung dimana eta kagiatan teh dilaksanakeun.
Contona :
Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 3 Juni 2020, jam 08.00 - 10.00 di Bale pamidangan (aula) Riyadhul Jannah. Jl. Prapatan Bandung, Jalancagak, Subang.
3. Pamilon
Lamun kagiatan mangrupa lalampahan anu disebutkeun teh cukup sababaraha jeung saha wae pamilona.
Conto :
Pamilon kagiatan teh ngan sakurna siswa ti unggal kelas jeung jurusan kalayan wawakil anu ka daptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 30 urang siswa, wincikna :
Kelas : 1 Kelompok, jumlahna 10 urang
Kelas XI : 1 Kelompok, jumlahna 10 urang
Kelas XII : 1 Kelompok, jumlahna 10 urang
4. WARAGAD
Eusina ngadadarkeu timana meunang warag teh, wincikna dipakena era waragad sarta jumlahna. Ieu teh penting pikeun ngalaporkeun sababaraha jumlah anu katarima sarta anu dikaluarkeun. Tangtuna kudu jeung kaayan sabenerna. Pangpangna mah mun dipake pikeun laporan ka pihak nu mere waragad.
Conto :
Waragad pikeun kagiatan nu katarima nyaeta Rp. 3.000.000 anu sumberna tina anggaran sakola Rp. 2.000.000 jeung jumlah ti sponsor Penerbit Dunia Pustaka Jaya Rp. 1.000.000. Eta waragad teh dipake pikeun rupa-rupa kaperluan jeung pagelaran.
5. Pedaran
Kagiatan jeung hasil nu dicangkingna dina ieu bagian, didadarkeu lumangsungna kagiatan jeung hasil anu dicangking sabeda eta kagiatan geus rengse. Runtuyan acara sarta saha nu ngeusina diperlukeun luyu jeung prak-prakanana. Ieu kabegan kacida pentingna, sabab, midangkeun enya henteuna katut hade goreng hiji kagiatan.
6. Panutup
Bagian panutup eusina mangrupa pungkisan laporan, euisna bisa kacindekan, saran jeung kadaling rasa tumarimana nu nyusun laporan ka sakumna pihak anu geus ngajorong kanu kagiatan.
C. RANGKAI LAPORAN KAGIATAN
- Bubuka
- Eusi
- Panutup