MATERI DONGENG BASA SUNDA
Assalamualaikum wr.wb
Terima kasih sudah berkunjung di blog ini.
Selamat datang di blog https://daftarilmu7.blogspot.com/ dengan MATERI DONGENG BASA SUNDA, perkenalkan blog ini berisi materi pelajaran bahasa Indonesia dan basa Sunda untuk jenjang SMP dan SMA, dan di blog ini juga tidak hanya menyediakan materi saja melainkan ada audio-visual sehingga memudahkan para pengunjung dalam hal belajar dan mencari wawasan tentang bahasa Indonesia dan basa Sunda.
Kalian bisa berkomentar jika ada pertanyaan seputar materi pembelajaran bahasa Indonesia dan basa Sunda yang kurang dipahami. Silahkan jangan ragu untuk mengisi kolom komentar, nanti admin jawab satu persatu.
Semoga adanya blog ini dapat membantu kalian semua.
Selamat belajar...
MATERI DONGENG BASA SUNDA
A. MATERI DONGENG
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina.
Budi Rahayu Tamsah, nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Lamun dina buku Yayat Sudaryat | Deni Hadiansah "Panggelar Basa Sunda", dongeng teh nyaeta carita rekaan anu anonimus dina wangun basa lancaran. Maksudna rekaan teh lantaran dina dongeng mah kalakuan jeung paripolah palakuna sok pamohalan. Upamana wae, sasatoan bisa nyarita kawas manusa. Ari anonimus maksudna dongeng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna. Najan kiwari mah dongeng teh geus aya nu di bukukeun. Malah aya nu di dongengkeun dina radio atawa TV. Juru dongeng Sunda nu kasohor teh upamana wae: Wa kepoh, Mang Jaya, jeung Mang Barna.
Jaman kiwari, dongeng teh lain dipake pikeun mepende atawa nyingsieunan budak bangor tapi geus dipake media hiburan. Husus keur budak sakola anu resep ngadongeng, ayeuna mah unggal taun oge sok aya pasanggiri anu diayakeun ku Dinas Pendidikan, Dinas Kabudayaan & Pariwisata, jeung Jurusan Pendidikan Basa Sunda UPI Bandung.
Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangn basa lancaran kalayan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna oge, tara kapaluruh, hese diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riuangan ka riuangan sejenna. Ukuran cari dongeng ilaharna parondok sarua jeung carpon.
B. CIRI-CIRI DONGENG
Ku kituna, bisa disebutkeun yen ciri-ciri dongeng teh, diantarana wae;
1. Sumebarna sacara lisan
2. Teu kanyahoan saha nu ngarangna (Anonim)
3. Ngagunakeun basa lancaran
4. Eusi caritana mangrupa rekaan malah rea ku pamohalan
5. Ukuranana ilaharna pondok
Tah eta, ciri-ciri dongeng teh ngan aya 5 rupa nu dipikaapal ku jalma balarea.
Aya deui ku kituna ciri-ciri dongeng anu sejen, nyaeta;
- Caritana pondok.
- Aya bagian anu pamohalan.
- Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
- Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
- Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
- Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
- Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
- Pola ngadongéng sok angger
Lian ti eta, aya deui ciri-ciri dongeng anu sejenna nyaeta dongeng mah sok ngandung ajen atikan, pangpangna anu patali jeung akal budi. Nu daleka jeung culika, biasana sok cilaka. Ari nu sabar jeung tawakal, pananggih bagja.
C. STRUKTUR DONGENG
Unsur-unsur pangwangun dongéng, nyaeta;
- Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
- Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
- Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
- Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
- Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.
D. PUNGSI DONGENG
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi mibanda tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:
Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
- Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
- Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
- Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
- Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
- Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amerika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas ti batan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.
D. PAPASINGAN DONGENG
Tina sajumlahing anu sumebar di masarakat, bisa di pasing-pasing sawatara bagian, nyaeta;
- Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.
- Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi.
- Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan.
- Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté.
- Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
- Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa barat.
- Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara.
D. KAEDAH BASA DONGENG
Dongéng oge mibanda kaedah basana diantara wae, nyaeta;
- Kalimah panitah, nyaeta kalimah anu dipake pikeun maksa batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Cing pangmawakeun ember kadieu!
- Kalimah pangajak, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajak batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Hayu urang mersihan kelas!
- Kalimah pangharepan, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun harepan atawa kahayang. Contona; Mugia wae kapalay saderek tinekanan!
- Kalimah panyarek, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nyarek batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Ulah ulin sisi jalan bisi katabrak!
- Kalimah pangwawadi, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nganjurkeun batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Sawadina saderek kedah lapor ka RT heula!
- Kalimah pangjurung, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajurungkeun batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Gancang atuh geura mandi ari rek milu mah!
- Kalimah panggeuri, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun pamenta anu lumengis sangkan batur karunyaeun. Contona; Emh, wayahna Nyai sing daek prihatin!
Mung sakitu materi dongeng basa Sunda, sing tiasa nyandak elmu sareng hikmahna urang sadayana diajar basa Sunda. Mugia sing mangpaat kanggo balarea.
0 komentar:
Posting Komentar